January 2006


januari februari
panon poe terus ngagebur,
teu eureun-eureun ibadah,
pangbakti diri kanu kawasa.
tapi teu nepi…

wayah kieu dunya (batawi) haleungheum
langit kasaput mega
hawuk, kulawu nepi ka hideung
jelegerna guludug matak paur

jakarta, tinggal nunggu nasib
takdir nu tetep nyanding
ti taun ka taun, angger
ngalelep ku leutak jeung runtah…

salah saha???

bogor, tungtung taun

maca buku kadua beak ti tungtung gambir nepi ka bogor. rame. teu eureun eureun, ngan barang ngangkat sirah ngadon rada lieur.

CS Lewis, Clive Staples Lewis, dijurukeun di irlandia kaler di kota dandela, belfast, tanggal 29 november 1898. anak kadua ti albert lewis, pangacara jeung flora hamilton lewis.

Cronicle of Narnia, ngarupakeun novel fiksi lewis hiji-hijina. biasana mah manehna teh ngarang non-fiksi (nya heueuh nya, jiga nu lieur dewek mah). di ieu novel nu dijieun dina tujuh jilid, karek dibaca dua jilid, lewis ngagambarkeun kumaha hiji dunya dijieun.

buku kahiji (najan lamun dirunut kana waktuna mah buku kadua), dijudulan Singa, Penyihir jeung Lomari. Nyaritakeun lalampahan opat budak peter, susan, edmund jeung lucy di dunya narnia. awalna nyaritakeun liburan eta opat budak ka lembur salah saurang dulurna (akina?) profesor kirke. eta profesor boga hiji imah nu kacida gedena. nepi ka loba tempat nu nyeiun barudak panasaran. nepi ka maranehna manggihan hiji lomari nu bisa ngahubungkeun jeung dunia sejen, dunia narnia.

teu loba nu anyar nu bakal dibere ku ieu novel. sarua jeung kalolobaan dongeng sejen novel ieu ukur nyaritakeun peperangan antara bener jeung salah, nu akhirna bener meunang. ngaranna ge novel keur barudak, bates bener jeung salah kapisahkeun ku garis nu jelas. pihak nu bener dipimpin ku aslan, hiji singa nu gede komarana ngalawan ratu putih penyihir nu jahat. maca ieu novel urang jiga maca novelna tolkien, lord of the ring. bener loba makhluk-makhluk aneh meh sarupa dina eta dua novel. aya faun, ogre, unicorn jrrd.

dina novel kadua, alo penyihir. sagala pertanyaan dina novel kahiji kajawab. kumaha mimitina aya jalan tembus ka dunya sejen, saha aslan, saha ratu putih, saha profesor kirke, kumaha narnia diciptakeun dijawab lewis make carita nu hade. lewis sukses ngajak kuring pikeun jadi hiji “pangeran” keur hiji dunya.

mungguhing jalan jejerna biasa wae, ieu novel dongeng teh mere warna nu sejen keur kuring. nyieun buku bisa ngajadikeun kuring hiji “pangeran”, nu bisa nyieun hiji dunya. atawa urang bisa nyieun hiji “pangeran” keur dunya nu ku kuring dijieun. moal nambah catur, lamun hayang maca dongeng mah ieu novel teh ku kuring dibere bentang lima, jenderal besar!

(nungguan boga duit keur meuli buku katilu nepi ka tujuh)

10 taun!!! gelo, lamun awéwé mah meureun geus borojol 10 orok. untung masih lalaki, jadi teu jiga elat kareseban, matak hariwang. komo lamun can kabeungkeut ku runtuyan kalimah: 

“nikahkeun taeun binti taeun ka taeun bin taeun kalayan mas kawin taeun, dibayar kontan”
“abdi nampi nikahna taeun binti taeun kalayan mas kawin taeun, dibayar kontan”
“sah?”
“saaaahhhh”

pasti hariwang, kolesterol naék, sirah kekeleyengan. samar polah teu puguh rampa. :D

sakali deui untung lain kareseban, ukur telat diajar. ceuk kuring, manusa dina hal diajar di alam dunya kabagi kana opat tahap:

  1. tahap i, ti mimiti pérécét dikaluarkeun ti guha garba ema nepi ka balég (ceunah mun lalaki mah ukuran umurna teh 15 taun) diutamakeun diajar di imah ti indung jeung bapa.
  2. tahap ii, umur 15 taun mimiti kudu ngencar kaluar ti imah. neuleuman (utamana) teori, boh kadunyaan atawa kaahératan, nepi ka umur 22 paling telat umur 25 taun teori (nu geus aya) kudu geus sabagéan gedé kacangking.
  3. tahap iii, 25 taun nepi ka 45 (utamana) ngamalkeun teori-teori nu katarima di tahap kadua kadunyaan.
  4. tahap iv, umur 45 nepi ka diurug ku taneuh beureum atawa hideung atawa porang, kudu mimiti ngutamakeun ngamalkeun teori-teori kaaheratan keur pibekeleun di alam saeunggeus paéh. amalan kadunyaan dikurangan.

tah ayeuna umur kuring 25 taun, tapi dina 10 taun kamari teori kahirupan karek samenel kacangking. 10 taun bisa disebut uing paéh, teu meunang hasil nu munel. ukur sapuruluk dunya jeung sapérélék ahérat nu kateuleuman.

sabenerna mah songong teuing rarasaan mah, lamun dina umur sakitu kudu bisa neuleuman teori dunya ahérat parat nepi ka dasar. dalah kuring bisa hirup saumur dunya gé biheung kateuleuman. jadi umur 25, minimal teori-teori nu geus aya sabagian gedé geus pernah apal.

ceuk jalma wijak, “leuwih hadé telat tinimbang teu sama sakali”. daripada nguyung mikiran nu 10 taun leungit, mendingan ti wangkid ayeuna teruskeun diajar teori bari ngaleukeunan saeutik-eutikeun diamalkeun.

(ceuk education.jlab.org/beamsactivity/6thgrade/vocabulary/, teori nyaéta, tarjamah bebasna, aslina mah basa ingris, “prinsip dasar nu nerangkeun atawa memprediksi fakta jeung kajadian”.)

Kubuka album biru
Penuh debu dan kusam
Kupandangi semua gambar diri
Kecil bersih belum ternoda”

sepenggal lirik lagu berjudul Bunda dari potret.

hal yang sama gue lakukan ketika pulang kemarin. entah kebetulan atau memang kebanyakan begitu, warna sampul albumnya juga biru. juga kusam dan berdebu, ditemukan dibawah tumpukan buku di gudang. memang di keluarga semuanya ga begitu peduli dengan yang namanya foto! sayang, padahal gambar bisa lebih bercerita dibanding rangkaian huruf-huruf, apalagi dari celotehan berbusa.

kesadaran ini datang agak terlambat, atau mungkin sangat terlambat. gambar waktu kecil sudah banyak rusak. karena lembab, atau dimakan ngengat.

ada satu gambar, walaupun warnanya sudah sangat kusam penuh noda, tapi masih jelas terlihat. umurnya sudah lumayan tua. diambil bulan september tahun 1980, sudah lebih dari 25 tahun. gambar termuda gue yang masih bisa dilihat. berusia tiga bulan.

“selamat datang tahun baru 2006, semoga noda-noda dalam gambar diri terhapus tahun ini, kembali bersih suci seperti dua puluh lima tahun enam bulan dua puluh tujuh hari lalu”