February 2006


heu heu heu heu…

gelo! ngenes geuning ari dijejeleh teh he he he he he he… serrrrr….. najan teu katingali jalmana, keukeuh ceuceub, beu! lain ieuh nganuhunkeun ka si manehna! meureun maksudna ngiritik teh lain ieuh ngahina ukur mere nyaho yeuh maneh teh salah di dieu! keukeuh euy nyeuri :D

era sabenerna mah, fotografer ge lain! tapi dalah dikumaha hayang we nyobaan kumaha rasana hasil pagawean urang dikiritik, dijejeleh atawa dipuji! heu heu heu … :(

coba we tingali di:  http://fotografer.net/lf/?id=278315&kode=6fb261c67270c373d625

ceuk beja, poe ieu dijadikeun poean basa indung sadunya. munggaran. basa indung (id: bahasa ibu, en: mother tongue) nyaeta basa nu paling mimiti dipelajari ku hiji jalema. ceunah kaparigelan hiji jalma kana basa indung nangtukeun kana proses diajar kahareupna. beuki parigeul kana basa indung beuki parigeul urang dina waktu diajar.

naha bener? ceuk uing mah aya benerna tah. tapi lain wae kudu parigeul dina basa indung lamun hayang lancar diajar mah. urang kudu bisa jeung parigeul dina ngagunakeun basa nu dipake ku kalolobaan elmu pangaweruh. jiga lamun urang hayang diajar Islam, daek teu daek urang kudu bisa kana basa arab. da teu kuhanteu sumber ajaran Islam teh ti arab. Sumber hukum Islam nu utama pan dina basa arab. ceunah lamun urang ngan ukur ngahartikeun Islam tina tarjamahan, sok rada “berbias”.

kitu deui, aya puseurna elmu kadunyaan teh daek teu daek keur di kulon. kalolobaanna basa panganter make inggris. nya daek teu daek deui urang kudu bisa make basa ingris.

basa sejenna? lamun bisa mah sakabeh basa kudu bisa! ari maneh dudi parigeul dina basa naon? (si dudi nu ditanya ukur kalamas kelemes, era!)

ayeuna urang cobaan medar ngeunaan basa indung uing. ti mimiti perecet di gubragkeun ka alam dunya ngaliwatan guha garba indung. uing diajak ngomong teh make basa Sunda. meureun lamun kitu mah basa eta pisan nu jadi basa indung uing. naon sih basa Sunda teh?

ceunah ceuk wiki, basa Sunda nyaeta basa nu dipake ku 27 juta jalma di jawa beulah kulon. ti mimiti brebes di wetan nepi ka tungtung pulo jawa di banten. lobana nu make basa sunda nomer dua sa endonesa saeunggeus jawa. tapi asa cangcaya euy!. naha bener 27 juta jalma di jawa kulom masih make basa sunda?? puseur jawa barat, bandung rarasaan mah sunda geus ditingalkeun, di puseur sunda baheula, pakuan (ayeuna katelah bogor) asa hararese mun hayang ngajak ngomong Sunda komo ka nonomanna mah. hese!

masih ceuk si manehna Basa Sunda digolongkeun kana famili basa Austronésia - Malayo-Polinésia - Malayo Kulon-Polinésia. Sunda dibagi sababaraha dialék/logat dumasar padumukan jalmana:

  • Banten
  • Bogor
  • Parahyangan, jeung
  • Cirebon

ah sakieu pangcaprukan, pamuga ku ayana poean basa indung, basa sunda langgeung nepi ka jaga!

poe saptu pabeubeurang, gorowok babaturan nyalukan, “dud… dud…” teu wara nembalan, da masih lulungu. biasa lamun poe pere teh sok maksakeun maneh hudang beurang :D. dina gorowok ka dua kalina kakara nguniang hudang, golotrak, selot panto dibuka. si emeh geuning nu ngageroan teh, “tuh aya kiriman” ceuk manehna. “oo heueuh, nuhun meh”, cekeng.

amplop coklat teh ditempo, horeng ti bandung, kiriman cupumanik munggaran, kakara ngalanggan bulan ayeuna.

berewek, si amplop di soehkeun. breh, munara hiji masigit, ngan masigitna mah teuing kamana. sakurilingeunna ukur bangkarak. aya tulisan “Urang Sunda di Aceh”. geuning gambaran Aceh sabada Tsunami tea.

si majalah dibuka, prung dibaca. pogot pisan. komo palebah carponna mah. di kaca panungtungan, dina “rubrik” purnama alam, aya tulisan dijudulan “Cinta Numutkeun Agama” meunang Asep Salahidin. aya kalimah “… Nu kitu sarua jeung ngabustamkeun agama …” maca kecap “ngabustamkeun” ujug-ujug leunggg ka jaman baheula, basa keur leutik. enya kekecapan eta harita masih sering kadenge. lamun aya babaturan nu omonganna teu dipercaya, pok we ngaromong “ah bustam sia mah”. ngan beuki gede, kecap bustam beuki leungit tina ceuli kuring.

“bustam”, ceuk rarasaan harita, hartina “bohong”, ngabustamkeun, ngabohongkeun. ngan bisi salah, ceg kana kamus umum basa Sunda ti Lembaga Basa & Sastra Sunda (LBSS). kamus dikotektak sugan nimu harti kecap “bustam”. geuning euweuh!! bongan boga kamus teh ngan hiji-hijina nya nepi ka ayeuna, harti “bustam” teh “bohong”, keur saheulaanan.

sabenerna salila maca majalah cupumanik, loba kecap nu teu kaharti atawa asa pernah ngadenge ngan poho naon hartina. diantarana, “kapakan” nimu kecap ieu dina carpon “Lagu Laas nu Terus Ngelentrung” meunang Eriyandi Budiman (kaca 9). conto kalimahna aya dina sms nu katarima ku dody ti vera (tokoh dina eta carpon). kieu ceunah, “Kang, abdi bade ka tsk minggon ieu. mnw rineh, bade nepangan akang. peryogi pisan. abdi nuju kapakan, oge diancam. salam bkts. …” nempo deui sakadang kamus. kaunggel kieu:

kapak, 1. ngapak, nyorang barang at. mega dina ngobahkeun jangjang waktu
hiber” hayam ngapak popoean, kapal udara ngapak mega, 2. langlayangan
kapakan, langlayangan nu pegat talina tina leungeun.

meureun, harti kapakan dina carpon tadi, si vera keur leungiteun cecekelan, ngulayab jiga langlayangan pegat talina. dikuatkeun ku kalimah:

“… geus apal ari soal kapakanna mah. enya, salakina milih bentang nu lian….”
“…mimitina memang basa keur kapakan. ceunah aya nu nawaran (ekstasi), lila-lila katagihan…”

masih dina carpon karangan Eriyandi, aya kecap “dodolona”. nimu dina kalimah, “apan rea baturna deuih, utama nu sok ngalawak, katelah dodolona tah kana narkoba teh.” dina kamus sarua teu manggih hartina. ngan kuring boga pipikiran, jigana cupumanik kurang hurup “g”.  kecap “dodolona” maksudna “dodologna”. dolog ceuk kamus, haripeut kana panawaran batur, gancang ngadahar barang pamere. meureun.

aya deui, ledig. ceuk sakanyaho ledig mah kaayaan taneuh (biasana lamun tas hujan) loba katincak. tapi asa teu asup euy kanu kalimah dina carpon ieu mah. “… masih inget, ari balik latihan vokal teh irung teu weleh kahideungan. ledig. …” neang dina kamus LBSS keukeuh teu manggih.

aya deui! dina carita detektif Radian Prasetya ‘korban di Antra Maru”. manggih kecap dihualkeun. aya dina kalimah “… ti tadi keneh nu ngawakwak geus pada ngarejengan, tapi teterejelan wae, bari teu eureun-eureun silih carekan, silih hualkeun…” . lakadalah nu ieu mah aya dina kamus, kieu ceunah:

hual, ngahualkeun, 1. ngajungjungkeun barang beurat saeutik ku parabot saperti linggis jsb. 2. ngagugat kajadian nu matak nimbulkeun rasa teu ngeunah.

Beja delan, oge karek maca ayeuna dina cupumanik no. 31. Dur panjakna Hawe Setiawan. ti baheula can pernah ngadenge, lebeng we. hayang apal beja delan?, meuli cupumanik bulan ieu!

ah sakieu heula we, pangalaman kuring jeung cupumanik kuring nu
munggaran. teu rugi we lah pokona mah.  ngan aya hiji katugeunah, masih
loba salah citak.

crot!

bogor, keur panas….

ku teu hanteu (kamana nya) duit..

diteangan ka kidul
teu ngagunuk
kalahka nyeuri punuk…
boa keuna struk!
diteang ka kaler
teu nyampak nu nyawer
nu aya ukur simpe…
inggis stress!!

ka wetan ka kulon
hate angger suudon
pakeujeut jiga mie udon
nu Kawasa …. dicarekan!!

deha
kedoya, taun 1427.

Next Page »