hello world!
ceunah! kecap munggaran ti wordpress.com. haturnuhun juragan tos nyadiakeun lolongkrang keur kuring bacéo kamana karep, teu puguh alang teu puguh ujur. éstu sabulang béntor téh saenyana.
ogé teu poho kuring ngahaturkeun rébu nuhun ka kang ridho putradi (BALAD KUSNET) ku jalan anjeunna kuring nyaho ka ieu patempatan.
sakitu anu munggaran,
bakti diri,
:::dh:::
dogdog pangréwong
19 June 2007 at 2:09 am
Salam tepang ti pribados,
http://awan965.wordpress.com/
malihmah aya tatangi (wartawan galuran0
http://lemburkuring2007.wordpress.com/
Hatur nuhun.
16 July 2007 at 7:49 am
Punten ngiringan mejeng ah… amit widi bilih aya nu katincak manah, kalengkahan janten amarah, ngiring calik da aya hate kadua leutik…
23 July 2007 at 2:59 pm
sampurasuuuuuun
bade ngiring calik yeuh alah panas, mendakan hiji deui yeuh dulur teh…nepangkeun ah sareung simkuring, hayu atuh urang botram di palih kidul tos disampakeun liweutna tuh heuheu
23 July 2007 at 7:43 pm
kang, abdi mendekan posting akang di milis urang sunda, nu eusina teh tentang sahadat.. tah upami kersa, abdi nyuhunkeun potokopian bukuna kang… panasaran tea da sayah memang pernah mempelajari salah satu sahadat itu.. haturnuhun sateuacanna kang.. diantos reply emailna…
20 August 2007 at 2:59 am
haturan-haturan baraya kabeh (hampura make basa loma)
@on2hood: mangga-mangga, ngan kudu diinget kiwari geus teu aya nu haratis :))
@duh jungjunan: halah jigana liwetna geus tiis nya? boa geus haseum heuheu.. punten ceu panonoban kuring nu ieu arang kalongok. mangga sing genah calikna… ngan moal disuguhan. mun halabhab mangga ka dapur nohtor tina kendi nyalira hihihi
@yudha: akang di mana?
2 September 2007 at 7:41 am
Hatur nuhun parantos ngalalar ka rorompok. Ditampi pisan kintunanana. Hayu ah urang babarengan rancage na hate.
2 October 2007 at 7:00 am
damang atuh kang ?
18 October 2007 at 3:32 am
heheh siip geus ngisian euy content na sok atuh geura update
27 October 2007 at 5:43 am
Wilujeung boboran shiam…hapunteun sabudaya kalepatan