curat corét


gusti geuning…
beungeut téh indo
kasép gusti
jiga seleb tukang ngalalakon

gusti geuning…
kalakuan téh bageur
soléh gusti
jiga santri hatam masantrén

gusti geuning…
uteuk teh éncér
pinter gusti
jiga doktor lulus ti harvard

gusti geuning…
harta téh lubak libuk
beunghar gusti
jiga bill nu mukaan jandéla

—-

cék kuring kumaha?
kasép, soléh, pinter, beunghar téh kumaha?
sok geura jawab kadinyah kuring!!
—-

  • Janari Leutik : Tabuh 01.00 – 03.00
  • Janari Gede : Tabuh 03.00 – 04.30
  • Balebat ; Tabuh 04.30
  • Carangcang Tihang : Tabuh 04.30 – 05.00
  • Rebu-rebun : Tabuh 05.00 – 06.00
  • Haneut Moyan : Tabuh 07.00 – 08.00
  • Pecat Sawed : Tabuh 09.00 – 10.00
  • Rumangsang : Tabuh 11.00
  • Manceran : Tabuh 12.00
  • Lingsir Ngulon : Tabuh 13.00
  • Panon Poe Satangtung : Tabuh 15.00
  • Tunggang Gunung : Tabuh 16.00 – 17.00
  • Sariak Layung : Tabuh 17.00 – 17.30
  • Sareupna : Tabuh 17.30 – 18.00
  • Harieum Bengeut : Tabuh 18.00 – 19.00
  • Sareureuh Budak : Tabuh 19.00
  • Sareureuh Kolot : Tabuh 21.00
  • Tengah Peuting : Tabuh 24.00

(Dicutat ti Unak-Anik Basa Sunda, ku Dedi S.Pd)

Diposting ka urangsunda ku Ahmad Sopiani <sopian73@lge.com>

budah marudah
nahan ombak ngagalura
engké srangéngé medal balébat

budah terus marudah
lambak beuki motah
halimun turun pasusubuh

-janari, 24 agustus

sakapeung…

moho ngagugulung baheula

bari poho kumaha ngigelan ayeuna

bungah..

bisa nyeuseup deui hawa wordpress!!

sataun cuy.. irung aing teu ngambeu seungitna, teu ngambeu bauna….

Next Page »