pepernian


Oega Soemedang sareng saoer sepoeh

Tjoendoek kana woekoening taoen, datang kana mangsaning boelan, nepi kana djangdji pasini, pasang soebaja, oerang kampoeng lilimboengan, ti padésan patamboear, kaojagkeun koe geundjleungna djaman noe ngadjak handjat kana hambalan kaloehoengan.

Kaloehoengan karoehoen noe dikeben-keben dipangkring koe kapamalian, broeh-bréh tingsarelap dina kepék kasinaran koe sorotna djaman.

Gerentes sepoeh-sepoeh di pilemboeran noe teu mantra-mantra ka nagara, ting gandeuang nembongkeun tandangna, pagandang-gandang paginding-ginding dina kalangan Poesaka. Komo barang djol mah pangondang ti poepoehoenan Poesaka, mani tingkorédjat, tjaroeringhak paheula-heula nemonan pangangkiran poepoehoenanana noe djadi boeah kalboena. (more…)

bisi aya nu kurang ngarasa pédé nyanghareupan awéwé tah uing boga pélét, meunang nimu ti koran baheula.

karasana jeung mamalana mah uing teu tanggung jawab éstu ning nyerahkeun wé ka didinya.

Paririmbon Gendam 

I

Kinasihan aing si Bagapiroesa, piroesa asih ka baga, bagadji asih ka aing si[1]… (more…)

saranggeuy : sagagang
sapocong :

satengah geugeus (pikeun ukuran paré nu ranggeuyan, kira-kira ranggeuyanana bisa kakeupeul)

saeundan : sapocong
sageugeus : dua pocong nu dibeungkeut dihijikeun
sagédéng : sageugeus
sasangga : lima geugeus
salajer : opat sangga (20 geugeus)
sacaéng : 200 geugeus
sabawon : opat pocong
satanggung : 50 geugeus
saundem : pikeun ukuran béas anu ditaker ku batok, kira-kira satengah léter
samadéa : satengah caéng  (6 kati)
sakati : kira-kira 817,5 gram
sagantang : 10 undem (5 kati)
saléter : hiji dm kubik
saemud : kira-kira saléter leuwih
sakulak : kira-kira 2,5 kg, keur ukuran béas
sapikul : 100 kati, kira-kira 62,5 kg keur ukuran bangsal
sadacin : sapikul
anjun : tukang nyieun parabot tina taneuh
bujangga : tukang nyieun/nulis carita
candoli : tukang ngajaga pabéasan di nu kariaan (biasana awéwé)
gending : tukang nyieun parabot tina kuningan
kajineman : 1. mandor sakitan, 2. tukang ngajaga jinem (nu dihukum)
kamasan : tukang nyieun parabot tina emas atawa perak
kebojengkeng : tukang ngagusur padati
kulaér : kusir nu tumpakna dina kuda karéta pangagung
kuncén : tukang ngurus kuburan
legig : tukang ngasruk dina pamoroan
malim : tukang naklukeun sasatoan
maranggi : tukang nyieun landéan jeung sarangka keris
mérébot : tukang nakol bedug
nyarawedi : tukang ngagosok permata
pakacar : bujang, juru ladén
palatuk : iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung
palédang : tukang nyieun parabot tina tambaga
palika : tukang teuleum (ngala lauk)
pamatang : tukang moro (nu sok ngagunakeun tumbak
pamayang : tukang ngala lauk di laut
panday : tukang nyieun parabot tina beusi
paneresan : tukang nyadap
paninggaran : tukang moro
sarati : tukang ngusir gajah
anak anjing : kirik/kicik
anak bagong : begu
anak bandeng : nanar
anak banténg : bangkanang
anak bangbung : kuuk
anak bangkong : buruy
anak belut : kuntit
anak bogo : cingok
anak boncél : bayong
anak buhaya : bocokok
anak deleg/gabus : boncél/kocolan/kokocolan
anak éntog : titit
anak embé : cemé
anak gajah : ménél
anak hayam : ciak/pitik
anak japati : piyik
anak kancra : badal
anak keuyeup : boncérét
anak kuda : belo
anak kukupu : hileud
anak kutu : kuar
anak lancah : aom
anak lauk : kebul/burayak
anak lélé : nanahaon
anak lubang : leungli
anak maung : juag/aum
anak meri : titit
anak monyét : begog
anak munding : énéng
anak reungit : utek-utek
anak sapi : pedét
anak ucing : bilatung