pupuh


laras : saléndro
surupan : 1=tugu

*bébas wirahma

bapa doblang pada terang
kumis baplang nuruban biwir nu jeding
pipi kemong irung mancung
panon buringas hérang
goréng omong gawang geuweung harung gampung
pantrang mayar kana hutang
licik sarta sok curaling

hiji mangsa bapa doblang
weureu gadung kabebeng gulang-guling
jol nu nagih hutang sarung
gancang ngoréjat hudang
ngambek nyereng bari ngamang-ngamang pentung
bapa doblang leng ngoléang
labuh nyungkur biwir suwing

*tandak/panambih

gerakan : kering

euleuh, itu bapa doblang
notorogan boro baé kumis baplang
puas nyorang weureu gadung
beuteung bebeng lieur lanjung humaregung
matak ogé hirup urang
entong bedang bedegong curaling
bisi kawas bapa doblang
wawales tisuksruk jeung suwing

mana kalakuan urang
kudu bener ulah leuwih ulah kurang
sabab laku lampah urang
mawa jalan lara bagja nu disorang
usik malik beurang peuting
Gusti Alloh nu héman nu asih
ucap lampah haté wening
ciri jalma utama beresih

mang koko - p nataprawira
lagu-lagu pupuh
mitra buana, 1983, bandung

^)dina bukuna mah euweuh judulan, dasar kuring budak motékar, nya dijudulan wé sorangan :-D

*** 
uing: kaasup gibah teu nya?

laras : pélog/degung
surupan : 1 = tugu

*bebas wirahma

aduh Gusti anu maha suci
sim abdi rumaos
pangna abdi dumugi ka késrék
réh ka sepuh parantos ngusir
takabur sareng dir
téga nundung sepuh

pedah sepuh hina sareng miskin
sangsara kokoro
ku sim abdi dihina ditokér
moal boa manahna ngerik
lir digerih hinis
manahna mo’ lipur

gaduh maksad rék babalik pikir
mung anu didongdon
weléh lapur teu kapendak baé
sepuh ngiles henteu kasungsi
leungit tanpa leubih
abdi bati bingung

*tandak/panambih

gerakan : sedeng

aduh Gusti nu kawasa
jisim abdi ageung dosa
pangna abdi gering nangtung
réh ka sepuh wantun nundung

pedah sepuh taya harkat
kokoro sareng masakat
ku sim abdi teu diaku
ditokér sarta disatru

mang koko - p nataprawira
lagu-lagu pupuh
mitra buana, 1983, bandung

^)dina bukuna mah euweuh judulan, dasar kuring budak motékar, nya dijudulan wé sorangan :-D