pras pris hujan soré
rus ras inget baé
dag dig dug ratug haté
ah sok aya-aya baé

pras pris hujan soré
inggis henteu sumping
panutan buah haté
ah piraku jalir jangji

kapan ceunah kanyaah moal kahalang ku hujan
kapan ceunah miasih moal kagémbang nu lian
kapan ceunah mihéman tumeruskeun lelembutan
kapan ceunah micinta lahir tumekaning batin

pras pris hujan soré
rus ras inget baé
degdegan seseblakan
ah teu puguh rarasaan

pras pris énjing-énjing
haté jadi meulang
longkéwang haté manteng
ah kunaon jadi bimbang

pras pris tengah dinten
ngumbar panglamunan
sawangan paninengan
ah jadi imut sorangan

naha enya asmara gumulung sajuta rasa
naha enya micinta ditalang rasa cangcaya
naha enya katresna pinuh liku romantika
naha enya satia bakal jadi pamatrina

pras pris sora kalbu
ngentring jadi lagu
maturan rasa simpé
ah sing surti nu nampina

naha enya asmara gumulung sajuta rasa
naha enya micinta ditalang rasa cangcaya
naha enya katresna pinuh liku romantika
naha enya satia bakal jadi pamatrina

pras pris sora kalbu
ngentring jadi lagu
maturan rasa simpé
ah sing surti nu nampina

(juru kawih: détty kurnia)

coyor panon pangelodan
centik halis pangaritan
pangaruh budak rayungan, budak rayungan, budak rayungan

ari ceuk sundana deui
jauh dibentur ku saur
anggang digentra ku cinta, ku cinta, geuning ku cinta

kumargina, kumargina
alah, alah gandrung
taya kalisna

saya punya paribasa
paribasa melayu tinggi
biarpun jauh di mata tetapi dekat di hati

melak kacang ngajarangjang
melak jagong paténtongan
keur hayang mah didatangan
keur sono mah, keur sono mah ditarembongan

ning nang ning kung, ning nang ning kung
ranginang adonan tipung
meuli kupa meuli kapuk
aya kapuk meunang ngopék
kupak kapék, kupak kapék, da kupak kapék, ieuh da kupak kapék

kang aban sumangga linggih, sumangga linggih

nung nang deungdeuk
nang nung nang eu
ambéh tepi, éta ambéh tepi ka banjaran

nung nang nung nang deungdeuk
nang nung nang nung nang eu
ambéh tepi, ambéh tepi ka banjaran

beunang reundeu ngabeunangkeun
ambeh henteu panasaran ceuceu duh panasaran

tah ketukna tah kendangna
kendang leutik, kendang leutik diténggorkeun
2x

tah plangkurna tah prawalna
hayang balik dianteurkeun ceuceu duh dianteurkeun

jalan-jalan ka ciawi
numpak oplét, numpak oplét hayang seuri

jalan-jalan éta jalan-jalan ka ciawi
numpak oplét, numpak oplét hayang seuri

caang bulan mapag diri
kulat kelét beunang deui ceuceu duh beunang deui

manuk manuk ciung, manuk ciung jeung kanari
aya dina éta aya dina tangkal awi

manuk ciung jeung kanari
aya dina, aya dina tangkal awi

baruk burung biheung jadi
ka manéhna éta moal jangji ceuceu da moal jangji

♪ juru kawih: détty kurnia

sakapeung…

moho ngagugulung baheula

bari poho kumaha ngigelan ayeuna

bungah..

bisa nyeuseup deui hawa wordpress!!

sataun cuy.. irung aing teu ngambeu seungitna, teu ngambeu bauna….

heu heu heu heu…

gelo! ngenes geuning ari dijejeleh teh he he he he he he… serrrrr….. najan teu katingali jalmana, keukeuh ceuceub, beu! lain ieuh nganuhunkeun ka si manehna! meureun maksudna ngiritik teh lain ieuh ngahina ukur mere nyaho yeuh maneh teh salah di dieu! keukeuh euy nyeuri :D

era sabenerna mah, fotografer ge lain! tapi dalah dikumaha hayang we nyobaan kumaha rasana hasil pagawean urang dikiritik, dijejeleh atawa dipuji! heu heu heu … :(

coba we tingali di:  http://fotografer.net/lf/?id=278315&kode=6fb261c67270c373d625

« Previous PageNext Page »