ku: titim fatimah

produksi nu asli
model indonesia
bahanna teu pira
segar hangat pisan
tapi cukup sopan
pikeun masamoan
kueh naon ngaranna
: da putri noong

asal ti na sampeu
dicampur jeung gula
kalapa masieup
nambah rasa nikmat
tengahna ngajentul
nyi putri moncongok
tacan miboga gelar
: da putri noong

katuangan katuangan has priangan
kamonesan kamonesan urang sunda
henteu perlu diimpor ti amerika
leuwih hade ngolah ngareka nu aya

gusti geuning…
beungeut téh indo
kasép gusti
jiga seleb tukang ngalalakon

gusti geuning…
kalakuan téh bageur
soléh gusti
jiga santri hatam masantrén

gusti geuning…
uteuk teh éncér
pinter gusti
jiga doktor lulus ti harvard

gusti geuning…
harta téh lubak libuk
beunghar gusti
jiga bill nu mukaan jandéla

—-

cék kuring kumaha?
kasép, soléh, pinter, beunghar téh kumaha?
sok geura jawab kadinyah kuring!!
—-

  • Janari Leutik : Tabuh 01.00 – 03.00
  • Janari Gede : Tabuh 03.00 – 04.30
  • Balebat ; Tabuh 04.30
  • Carangcang Tihang : Tabuh 04.30 – 05.00
  • Rebu-rebun : Tabuh 05.00 – 06.00
  • Haneut Moyan : Tabuh 07.00 – 08.00
  • Pecat Sawed : Tabuh 09.00 – 10.00
  • Rumangsang : Tabuh 11.00
  • Manceran : Tabuh 12.00
  • Lingsir Ngulon : Tabuh 13.00
  • Panon Poe Satangtung : Tabuh 15.00
  • Tunggang Gunung : Tabuh 16.00 – 17.00
  • Sariak Layung : Tabuh 17.00 – 17.30
  • Sareupna : Tabuh 17.30 – 18.00
  • Harieum Bengeut : Tabuh 18.00 – 19.00
  • Sareureuh Budak : Tabuh 19.00
  • Sareureuh Kolot : Tabuh 21.00
  • Tengah Peuting : Tabuh 24.00

(Dicutat ti Unak-Anik Basa Sunda, ku Dedi S.Pd)

Diposting ka urangsunda ku Ahmad Sopiani <sopian73@lge.com>

budah marudah
nahan ombak ngagalura
engké srangéngé medal balébat

budah terus marudah
lambak beuki motah
halimun turun pasusubuh

-janari, 24 agustus

ka marana ari urang sunda
disebut euweuh, aya
disebut aya, heueuh ka mana atuh

heuheuy deudeuh
heahahaaa

urang sunda ka marana
urang sunda di marana
urang sunda urang mana
urang sunda anjeun saha

naha ngan saukur nu ngeusian pulo jawa
naha ngan saukur lalajo bari kumétap
gancang geura hudang buka ceuli buka mata
geura témbongkeun urang sunda ogé bisa… bisa!

témbongkeun urang gé bisa mela nagara
témbongkeun urang gé bisa jadi pamimpin
urang gé bisa nangtung ajeg jeung kawasa
lain saukur bisa unggek jeung kumawula

aduh si kabayan urang sunda
urang sunda lain si kabayan
si kabayan urang sunda
urang sunda ulah jadi si kabayan

anu karesepna ngan ukur ngagéré ceuli
anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
atawa calangap ngitungan béntang di langit

lamun urang kabéh reueus jadi urang sunda
pikiran deui naon nu dipikareueus
lamun urang sunda kabéh jadi si kabayan
kuring melang hiji waktu urang kababayan
urang bakal kababayan
ukur bisa kababayan
salawasna kababayan

teu hararayang!

sok buktikeun lamun urang sunda téh aya kénéh
tempokeun yén urang téh aya kénéh
ulah siga ayeuna
disebut aya da teu kaciri
ari disebut euweuh da loba kénéh nu ngaku aya
kamarana urang sunda téh atuh euy
hudang!
kadé ah

(balik deui ka nu disédéngkeun)

♪ngawih: doel sumbang