bisi aya nu kurang ngarasa pédé nyanghareupan awéwé tah uing boga pélét, meunang nimu ti koran baheula.

karasana jeung mamalana mah uing teu tanggung jawab éstu ning nyerahkeun wé ka didinya.

Paririmbon Gendam 

I

Kinasihan aing si Bagapiroesa, piroesa asih ka baga, bagadji asih ka aing si[1]…saboelan sia sahérang, doea boelan sia koemambang, tiloe boelan sia goemoeloeng, opat boelan sia ngaréka, lima boelan sia soemoear, genep boelan sang goeroe meneng, toedjoeh boelan sia ngatjoengkeun soekoe ka manggoeng, dalapan boelan sang batara paajang-ajang, salapan boelan sanga batari pairing-iring, sapoeloeh boelan si [1]… kasinoegerahan sia mangka remoek oesoesna djadi toedjoeh, mangka rempag bajahna djadi dalapan, mangka remek haténa djadi salawé, sia koe aing dilarikeun wadjib lari, ditjitjingkeun wadjib tjitjing, napsoe sia geus katjekel koe aing, mangka welas mangka njaah, mangka asih si [1] … ka awaking.

II. 

Kinasihan aing si goetoek menoer, menoer bang, menoer koening, datangna ti goenoeng si njamat, njamoet, njampleng, toemoeroen ka awaking, pel toemémpél maring badané si [1] … sia koe aing di tjoetjoek soemsoemna, diseuseup getihna, mangka pegat oeratna, potoeng toelangna, mangka soéh koelitna, nétés getihna, mangka moerag boeoekna kalawan doenja barana sia, diboelak-balik kalilipa sia tisabeulak kiwa kalawan tengen, poma sing karasa, rasa sia tjabak édan djadi édan, tjabak lengleng djadi lengleng, tjabak kangen djadi kangen, tjabak ati djadi asih, sih asih si [1] … ka awaking. 

III. 

Kinasihan aing si djaran goejang, tekané si tanah sabrang, apa gagamane, sada lanang Mandi apa ora? Ja, mandi Sinabetaken maring goenoeng, goenoenge goegoer, sinabetaken maring batoe, batoene petjah, sinabetaken maring kajoe, kajoene poegoer, sinabetaken maring badanne si [1] …, ningas, naratas, njempal maring eroh njawane si [1] … Sia koe aing ditjoetjoek soemsoemna, diseuseup getihna, mangka pegat oeratna, potong toelangna, mangka soéh koelitna, nétés getihna, mangka moerag boeoekna kalawan doenja barana sia, diboelak-balik kalilipa sia ti sageulah kiwa tengen, poma sing karasa, rasa sia, tjabak édan djadi édan, tjabak lengleng djadi lengleng, tjabak kangen djadi kangen, tjabak ati djadi asih, sih asih si [1] … ka awaking.

Tjikarang 26-11-26, A. Dj. M

Poesaka Soenda No. 1 Januari 1927 Tahoen ka 5, kaca 7.


[1] ngaran anoe koe oerang rék di kemat téa